Lihat ke Halaman Asli

ManG JIMs

orang desa

Mite Sumur Tujuh

Diperbarui: 26 Juni 2015   19:10

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Sosbud. Sumber ilustrasi: KOMPAS.com/Pesona Indonesia

KEUR nu resep jarah ka tempat karamat, tangtu diantarana aya nu geus apal ka nu disebut sumur tujuh Cibulan. Perenahna di Desa Manis Kidul, Kacamatan Jalaksana, Kabupaten Kuningan. Malah, kapan henteu saeutik para pajabat atawa pangagung nagara nu ngahajakeun ngadon jarah ka eta tempat, oge ngarupakeun kawasan obyek wisata kulawarga.

Najan kawengku ku obyek wisata, nu jarah moal ngarasa kaganggu ku nu arulin. Sabab lokasina oge misah sarta katingker ku benteng deuih. Ngan lamun rek asup ka lokasi sumur tujuh kapaksa kudu ngaliwatan heula tempat ulin nu katelah kolam renang Cibulan.

Beda reujeung tempat karamat lianna, di sabudeureun sumur tujuh mah taya makam nu dikaramatkeun. Nya nu dianggap tempat karamat teh taya lian mangrupa tujuh sumur, nu perenahna henteu jauh ti sumur nu hiji jeung sumur karamat sejena. Aya nu disebut sumur Cimulud, sumur Cigandasoli, sumur Cigambuh, Sumur Cipasar, Sumur Ciwelut, Sumur Cibarerang jeung Sumur Cigoong.

Sumur Cimulud, disebut-sebut oge sumur kajayaan, ceuk nu percaya mah cenah ngandung karamat sangkan hirup meunang kajayaan. Ari sumur Cigandasoli dipercaya ngandung karamat keur kawaluyaan. Sumur Cigambuh mah keur kapangkatan. Teu saeutik jalma nu hayang naek pangkat ngadon sibeungeut di eta sumur. Sumur Cipasar dipercaya keur kasalametan, sumur Ciwelut keur kamulyaan.

Tah cenah, lamun hayang geulis atawa kasep mah sibeungeutna teh di sumur Cibarerang. Sedengkeun sumur Cigoong dipercaya keur kaagungan. Sakur sumur-sumur nu ditataan bieu, salian sok dipake sibeungeut ku sakur nu jarah, oge rea masarakat sabudeureun nu pirajeunan ngunjal cai ti sumur tujuh. Nyaeta keur ngamandian nu keur kakandungan tujuh bulan, kalawan boga harepan si utun inji jadi jalma nu soleh sarta aya mangpaatna keur bangsa jeung agama.

Kunanon pangna Sumur Tujuh di Cikambulan (Cibulan) dikaramatkeun? Nurutkeun sababaraha sumber, sumur tujuh henteu pukah tina sajarah Sri Baduga Maharaja Niskala Wastukancana atawa meunang jujuluk Prabu Siliwangi. Salian ti eta, Cikambulan hiji tempat dumukna Resi Guru Makandrya, uyutna Prabu Siliwangi. Ari Resi Guru Makandrya teh ramana Nay Manawati atawa Dewi Candraresmi.

Nay Manawati ditikahkeun ka Wretikandayun, Raja Galuh. Anjeuna dipaparinan turunan diantaranya Prabu Maharaja Linggabuwanawisesa anu perlaya dina perang bubat. Ari Prabu Linggabuwanawisesa teh apan ramana Prabu Siliwangi. Jadi Cikambulan pikeun Prabu Siliwangi geus teu bireuk deui. Bisa disebutkeun tempat asal muasalna karuhuna. Nu matak teu aneh lamun Prabu Siliwangi remen ka eta patempatan.

Baheulana Cikambulan hiji patempatan nu matak pibetaheun, liuh linduh ku tatangkalan. Hawana karasa nyecep kana tulang. Saumpamana pipikiran keur rungsing, heug datang ka eta lelewek pipikiran tuluy cekas deui. Alesan eta, salah sahijina. Kunaon Prabu Siliwangi remen ka Cikambulan?

Prabu Siliwangi di Cikambulan ngadon tatapa, tujuanana pikeun neuleuman elmu kaagamaan purbatiti purbajati nu diagemna. Salian ti eta, lamun keur harengheng di karajaan anjeuna tuluy bae ka Cikambulan. Pon kitu deui pikeun mutuskeun hiji perkara nu dianggap pelik. Ku remen-remena Prabu Siliwangi tatapa di Cikambulan, tempat nu dipake tapana jadi ngalogak.

Tempat nu ngalogakna memang teu jeuro. Ngan saukur sasiku jeung rubakna aya kana satengah deupa. Lila-lila mah taneuhna ngaluarkeun cai, kawas sungapan. Nya kaharti sabab mangsa harita lelewek eta leuweung geledegan keneh. Teu aneh lamun ngorehkeun taneuh sajeungkal oge geus ka luar cai. Cai nu ngamalir dina logak tea, teu daek orot nepi ka kiwari tuluy bae nelah sumur tujuh.

Lila-lila mah, jeuro jeung rubakna beuki ngagedean kusabab taneuhna kaleled ku cai. Ngan teu pati gede, henteu kawas sumur di pilemburan. Sumur eta, kungsi ditalungtik ku patugas ti Kantor Suaka Serang, nu ngahususkeun dina widang kepurbakalaan. Hasil tina panalungtikan eta, nyebutkeun yen sumur tujuh mangrupakeun hiji situs atawa titinggal sajarah nu gede ajena.

Jeung dibenerkeun eta teh tempat tatapana Prabu Siliwangi, oge panyumputan mangsa dibeledig ku Rarasantang, putrana. Sangkan ngagem agama Islam. Kajadian samodel eta mangsa deukeut kana tumpurna Karajaan Pajajaran. Prabu Siliwangi remen cicing di Cikambulan, dibaturan ku pasukan nu reana 1111 urang. Samemehna mah sorangan bae. Tapi satutasna ngadeg Islam di Cirebon sok dijaga, bisi ujug-ujug dikepung ku wadya balad Cirebon.

Kapanggihna Prabu Siliwangi di Cikambulan, lantaran Rarasantang geus beak dengkak maluruh nu jadi bapa. Weuleh teu kapanggih bae. Hiji waktu, inyana meunang beja, yen ramana sok aya di Cikambulan. Teu talangke deui muru ka lelewek eta. Basa nepi ka nu dituju, kasampak paraprajurit pajajaran memang aya. Ngan ramana teu teu nyampak. Basa nalek ka paraprajuritna keukeuh teu aya nu wanieun wakca.

Bakating ku keuheul, Rarasantang luas kangancamna. Geus sakitu diacamna oge, paraprajurit Pajajaran teu daek betus. Antukna Rarasantang ambek pohara, temahna paraprajurit teh disupata jadi lauk kancra (emas). Sedengkeun Prabu Siliwangi, nangenan galagat teu pihadean. Anjeuna gancang ngarobah jirimna jadi maung lodaya, tuluy ninggalkeun eta patempatan.

Lauk kancra nu disupata ku Rarasantang, nepi ka kiwari aya keneh. Ku masarakat disebutna lauk dewa. Pedah unggal balong Cibulan (Cikambulan) disaatan ujug-ujug ngariles. Teu kasampak hiji-hiji acan.***




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline