Saditinggal maotna Permana Dikusumah Galuh Dikakawasaan ku Tamperan Barmawijaya ( disebut Oge Rakean Panaraban ngawasa ti taun 732 M - 739 ), dimasa kakawasaana Karajaan Galuh dihijikeun deui jeung Karajaan Sunda anu diparentah ku Tamperan Barmawijaya (minangka Raja Sunda ka 3 , Raja Galuh ka 5 ) anu nahta di Karaton Galuh kukituna Galuh jadi puser ti kakawasaana Karajaan Sunda.
Di masa kakawasaana, rusiah salingkuhna Jeung Dewi Pangreyep baheula jeung maotna Permana Dikusuma kabongkar ku Ki Bimaraksa anu waktu kajadian harita nyumput bari nyamar salaku tukang ngala lauk di Geger Sunten. Samemehna, Ki Bimaraksa geus cicing-cicing ngumpulkeun kakuatan anti katurunan Sanjaya anu didukung ku sakitar 799 urang. Pikeun ngabongkar rusiah skandal Tamperan Barmawijaya eta, Bimaraksa bari susulumputan ngahubungan Manarah (anak Premana Dikusuma ti Naganingrum), anu mangrupakeun Salah saurang balad Bimaraksa anu ngarana Ki Anjali ditugaskeun pikeun nyamar salaku pande besi di Puser kota Galuh.
Manarah anu sa'acana geus nganggap bapa ka Tamperan Barmawijaya, jadi ngabalik ngamusuhan nepi ka nyababkeun ngabogaan niat pikeun ngabales maotna bapa kandungna ta.
Dina taun 739 M, Manarah kucara susulumputan nyiapkeun rencana pikeun ngabales maotna bapana sakaligus pikeun ngarebut deui tahta Galuh ti Karajaan Sunda anu baheula geus direbut ku Sanjaya. Ku bimbingan Bimaraksa, Manarah ngalakukeun serangan ngadadak. Sesuai Jeung rencana Bimaraksa, serangan ka Galuh dilakonan beurang beurang pas Ayana acara ngadu hayam. Sakabeh gegeden karajaan hadir, ka asup Banga (sang putra mahkota). Manarah Jeung anggota pasukanna hadir di pakalangan bari api-api miluan ngadu hayam. Bimaraksa mingpin pasukan Geger Sunten langsung ngarangsek ka karaton. Kudeta ieu Junun Dina waktu anu saeutik . Tamperan Barmawijaya Jeung Prameswarina Dewi Pangreyep sarta Banga bisa ditawan di pakalangan ngadu hayam.
Ngan Banga leupas Poe peutingna, bari ngabebaskeun bapa jeung indungna ti tahanan (Banga mangrupakeun putra ti Tamperan Barmawijaya Jeung Dewi Pangreyep ). Ngan kajadian ieu kapergo ku pasukan pangawal anu buru-buru ngalaporkeun kajadian eta ka Manarah nepi ka akhirna Kajadian perang tanding antara Banga jeung Manarah, Banga bisa di elehkeun ku Sang Manarah . Samentara kitu pasukan anu ngudag raja Tamperan Barmawijaya jeung sang Prameswarina Dewi Pangreyep, ngaleupaskeun jamparing-jamparingna dina kaayaan poek mongkleng, anu diantarana keuna nepi ka nyababkeun maotna Tamperan Barmawijaya Jeung Dewi Pangreyep.
Warta maotna Tamperan Barmawijaya nepi ka Sanjaya, laju kungagerakeun pasukana anu badag, Sanjaya nyerang Galuh. Manarah geus nyangka Yen bakal ayana serangan eta, kukituna anjeuna geus nyiapkeun pasukan anu oge didukung ku raja di daerah Kuningan anu baheula kungsi ditalukeun Sanjaya.
Perang sadulur (gotrayuddha) antara sasama keturunan Wretikandayun kajadian salila sababaraha poe bari teu Aya anu menang atawa eleh. Geus Loba pasukan anu gugur ti kadua beulah pihak dina paparangan anu badag eta. Dina kaayaan anu ngenes, Demunawan turun ti Saung Galah pikeun mareumkeun peperangan. Kugede kawibawana sarta diajenan salaku saurang sesepuh, Demunawan junun ngeureunkeun paperangan ku jalan ngajak kadua beulah pihak anu pasea pikeun damai, parundingan di laksanakan di karaton Galuh dina taun 739 M. Salah sahiji Eusi Tina rundingan eta nyaeta :
1. Negeri Sunda Jeung wilayah ti Citarum ka kulon dirajaan ku Kamarasa Atawa Banga.
2. Negeri Galuh Jeung wilayah ti Citarum ka wetan dikawasaan ku Surotama Atawa Manarah.
3. Demunawan ngawasaan nagari Saung Galah (Kuningan) jeung tilas kakawasan Karajaan Galunggung.
Kusabab Kajadian ieu Sunda Kabeulah deui, Galuh balik deui jadi Karajaan anu mandiri leupas ti kakawasaan Karajaan Sunda.
Cag