Lihat ke Halaman Asli

taufiqelhida

orang gila

(Sajak Sunda) Sukur Waktu

Diperbarui: 1 Juli 2020   15:51

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

ilustrasi kompas

Sukur waktu, waktuna sukur
Neumrag waktu nu nalangsa
Neunggar jaman nu karasa
Teu cukup ku sujud lima waktu
Komo dengki ngagugunung sabuleud jajantung
Teu guna

Sukur waktu, waktuna sukur
Mangsa ka tukang kungsi teuleum
Tikerelep kana jero getirna hate
Neuleuman kapeurih jeung kasusah
Nyakseni ruksakna dunya
Teu lana

Sukur waktu, waktuna sukur
Di tempat ieu pisan sajak-sajak ngalayang
Ngapung nguriling di langit kabagjaan
Ngajadi lagu panghibur ruengatna asih
Sesa urug gunung-gunung
Teu nyana

Sukur waktu, waktuna sukur
Sukurna waktu ku tasakur
Waktuna sukur ku ngariung
Macaan surat ti Gusti
Nu paseh bari gumati
Teu keuna

Sukur waktu, waktuna sukur
Ku loba tapakur
Ku euyeubna tahmid dicatur
Sangkan tapak nu kaliwat
Sangkan wanci nu kabengbat
Teu mana

el, 191219




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline