Lihat ke Halaman Asli

Edwin Gusani

Hamba, Pengelana

Biantara Mieling Isra Mi'raj Nabi Muhammad SAW

Diperbarui: 14 Januari 2024   12:20

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Potret salah satu sudut Masjidil Aqsa

Bismillahirrahmanirrahim, Assalamualaikum warahmatullah wabarakatuh

Alhamdulillahirobbil alamin, wabihi nasta'inu 'ala umuriddunya waddin, washolatu wassalamu 'ala asrofill ambiyai walmursalin, sayidina wahabibina, wasyafiina, wamaulana Muhammad SAW, wa'ala alihi washohbihi ajma'in. Amma ba'du

Langkung tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur kahadirat Allah swt, nu mana dina waktos ayeuna urang sadaya masih tiasa ngariung mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina kaayaan sehat wal afiat tur masih dipasihan nikmat iman sareng islam

Teu hilap, hayu urang sami-sami nyanggakeun sholawat sinareng salam ka junjungan urang sadaya, idola urang sadaya, Nabi Muhammad saw. Mugia dugi ka sadaya kaluargana, para sahabatna, para tabiut tabiin, tur mugi-mugi ka urang sadayana salaku umatna anu taat ka ajaranana

Bapak sareng Ibu Guru anu ku simkuring dipihormat, teu hilap oge ka sadaya rerencangan simkuring nu dipikadeudeuh. Dina kasempatan acara Mieling Isra Mi’raj Nabi Muhammad saw ieu, simkuring bade medarkeun ngeunaan naon wae nu janten “Kautamaan Sholat 5 Waktos”

Hadirin nu ku simkuring dipihormat, parantos urang sadaya terang, yen waktos harita Rasulullah saw diparentah ku Allah swt kanggo ngayakeun lumampah ti Masjidil Haram nu aya di Mekkah ka Masjidil Aqsa di nu aya di Palestina. Salajengna Nabi Muhammad saw naek dugi ka Sidratul Muntaha

Tina paristiwa eta, Nabi Muhammad saw kenging parentah wajib ti Allah swt nyaeta ngadegkeun Sholat 5 waktos. Tina kajanteunnan eta, ti kapungkur dugi ka ayeuna parentah eta parantos dilaksanakeun

Ibadah sholat 5 waktos eta teh ngagaduhan kaistimewaan nyalira pami dibentenkeun sareng ibadah anu sanesna. Shalat nu dimaksad eta teh kedah dilaksanakeun ku sadaya umat Islam, kumargi hukumna wajib janten anu teu ngalaksanakeun hukumna dosa

Cing saha wae nu ngadegkeun shalat nu 5 waktos eta, sami sareng jalmi anu ngadegkeun agama Allah swt. Ditambih ku rasa ikhlas sareng khusu, salah sahiji cara pikeun ngajagi sifat hoream ngalaksanakeuna

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, shalat 5 waktos eta teh nyaeta shalat shubuh, dzuhur, ashar, maghrib, jeung isya. Salah sawios kautamian sholat nu 5 waktos eta teh, utamina ngajagi shalat subuh sareng ashar, tiasa ngajantenkeun mukana panto surga sareng nutupna panto naraka

Halaman Selanjutnya


BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline