Lihat ke Halaman Asli

Kompasiana Cibinong

Kompasiana Cibinong, menulis berita dan cerita dalam bahasa Sunda dan Indonesia

Guru Gaul Dagang 'Bacang'

Diperbarui: 26 Juli 2019   16:28

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

(foto: Tribun Jabar)

Kangaranan dagang, tangtu tangtu urang teh kudu ati-ati tur tarapti sangkan urang teu rugi. Barang dagangan ge kudu hade sangkan batur kabeuli hatena. Nu ngadagangkeunana ge daek teu daek kudu sieup turta hade tata hade basa ngarah kalandep ku balarea.

Tapi nya kitu tea, rarancang mah rarancang, dina kanayataanana mah pelengkung bekas nyalahan, jauh jeung nu diajam. Kituna mah pantes da rea cucuk runggana. Rea halangan-harungan nu teu weleh ngaririwaan. Dalah dikumaha, kapaksa metakeun rupaning tarekah anyar nu kapanggih tur direka di satengahing lalampahan.

Kitu pisan nu kaalaman ku kuring jero dagang 'bacang' teh. Manakomo nu didagangkeunana ge lain bacang samanea, nyatana 'bacang' Sunda.

Ah, moal dilila-lila, bisi kaburu basi. 'Bacang' nu dimaksud teh nyumender kana gurat badag pangajaran basa Sunda ti Disdik Propinsi Jabar. Kapan prak-prakan ngajar basa Sunda teh kudu tuhu kana standar kompetensi menyimak, membaca, menulis, bercerita/berbicara. Tah eta pesen ti Disdik teh disingget tur disundakeun wae jadi bandungan, maca, nulis, ngomong ('bacang').

Sarerea ge engeuh, kahirupan basa Sunda di tiap wewengkon teh mibanda ciri nu mandiri. Kitu oge di Bogor. Lain wae basana, gaya hirup nu nyicinganana ge beda ti nu rea. Nelahna mah masarakat urban tea.

Waktu kuring ngaguruan di MTs Al Mukhtariyah Bayongbong-Garut, sarta ngajar di SMA 55 Asia Afrika jeung SMK Dyana Sakti, sakola nu ngadeg di lelewek Kosambi-Bandung, teu ieuh rea hahalangna ngajar basa Sunda teh. Ari sabab, meh saratus persen barudakna barisaeun nyarita basa Sunda. Atuh di budeureun lingkungan sakola ge umumna komunikasi teh ngagunakeun basa Sunda bae.

Tapi di Bogor, hahalang ngajar basa Sunda teh enyaan ngaleuya. Urang tataan sabagian wae geura. Kahiji, mitos basa Sunda teh pangajaran nu hese jeung teu pikaresepeun. Kadua, barudak (murid) di arimahna jeung di sakola lolobana nyarita ku basa Indonesia atawa basa gaul. Katilu, ampir kabeh barudak teh jol ti kulawarga jugala. Kaopat, lingkungan budeureun sakola teh umumna masarakat urban. Kalima, budaya Sunda di Bogor teu sakuat di kota tatatanggana, cara Sukabumi jeung Cianjur.

 Waktu ditanya ku naon teu resep kana basa Sunda? Jawabanana teh hese, teu bisa keur ngalamar gawe, barabe, jeung 'kitu-kitu' bae. Ari kulawarga jugala, tong boro di kota, urang kampung di wewengkon Garut atawa Sumedang bae ge ari kahirupanana rada menyat mah sok laju mamalayuan-iindonesian. Lian ti eta, budak ti kulawarga jugala mah di kelas teh sok araleman, olo-olo bin mararanja.

Najan rea halangan-harungan, sabisa-bisa kuring moal rumanggieung. Komo dibarung ku luh-lah, sabisa-bisa mah ngangluh teu puguh teh sina nyingkah.

Halaman Selanjutnya


BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline