Sajak karya DJASEPUDIN
RITUAL SUBUH
rebun-rebun di pangkalan
nungguan majalah koran
ngimeutan warta poean
nengetan beja mingguan
sugan mah tulisan midang
meunang kuring cacarakan
atawa nu babaturan
rarasaan gegebegan
nya reugreug mun kaparengkeun
teu ngareunteut mun nu lian
mungguh kitu kahirupan
kari-kari nunggu giliran
Jatinangor, 2010