Lihat ke Halaman Asli

Sajak Wangi nu Sajati

Diperbarui: 24 Juni 2015   20:25

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

Wangi nu sajati



Jauh di jugjug anggang diteang

Nyukcruk galur mapay laratan

Pusaka nu moal kaukur ku pangaji

Trisaka jimat nu moal laas salawasna

Nikreuh teu di iteuk

Leumpang teu dicaangan

Ngan ati nu wening nu jadi pituduh

Ajen diri nu sajati marengan lalampahan

Geus kamana kamendi mapay laratan

Jungkrang nu lungkawing di sayaban

Neangan nu meh ratusan taun tilem ti buana

Ngahyang taya tapakna

Aya hibar nu sumebar

Aya beja nu katarima

Patilasana aya di sabudereun tatar parahyangan

Puseur dayeuh pajajaran

Belah kidul diwatesan ku gunung tangkuban parahu

Belah wetan di lingkung ku curug

Belah kalerdiwangenan ku sagara

Belah kulon lawang nagara

Ceuk sakaol

Cunuk waktu ninggang mangsa

Bakal ngadeg deui

Dina jaman anu beda

Saung pangumbaraan Pasawahan-Pwk, 14 Februari 2010




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline