Lihat ke Halaman Asli

Inspirasi Dina Kahirupan Abdi

Diperbarui: 12 Desember 2023   08:10

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

SDN Babakan Madang 1

Anjeunna nyaeta tokoh anu nginspirasi seueur jalmi kalebet abdi, anjeunna nyaeta bapa abdi. Bapa abdi namina Ade Suparmadi Susanto, layeud disauran pak Ade. Lahir di kabupaten alit di belah kidul Jawa Barat, nyaeta Pangandaran. Anjeunna lahir tanggal 28 Oktober 1964, atos 59 taun yuswa anjeunna. Gaduh 3 murangkalih, nyaeta Mila Siti Syamrotul Fu'adah, Candra Yanuar Fawazul Haq, sareng Pahlevi Bagas Fathaan.

Anjeunna mangrupikeun guru PNS nu ngawulang di sakola dasar sareng madrasah tsanawiyah. Bapa abdi ngawulang murid kelas 6 di SDN Babakan Madang 1, sareng ngawulang palajaran seni budaya di Madrasah Tsanawiyah Al Hidayah Citaringgul kecamatan Babakan Madang. Sadaya jalmi nu aya di lebet sakola atanapi di luar sakola ngahormatan pisan ka anjeunna.

Atos 39 taun bapa abdi ngawulang di sakola dasar sareng madrasah tsanawiyah, tos lami pisan. Anjeunna henteu bae ngawulang murid-murid di sakola, sanajan kitu anjeunna ngawulang abdi oge di bumi. Sanes ngan ngawulang palajaran sakola wae, atanapi ngawulang palajaran hirup. Dimana anjeunna salawasna ngawulang abdi kumaha ngalakukeun kalakuan alus ka batur, kalakuan sopan, sabar, sareung masih seueur deui nu sanes. Kasabaran nu anjeunna gaduh, katekunan nu anjeunna kerjakeun, kacerdasan nu anjeunna tepikeun, sareng pangalaman nu anjeunna tingalikeun, sadaya eta jadi inspirasi abdi dina ngajalankeun tiap lengkah kahirupan.

Anjeunna sok ngawulang gamelan di madrasah tsanawiyah, biasana sok manggung di nikahan, sunatan, atawa kagiatan-kagiatan tradisional. Biasana anjeunna sok ngulinkeun gendang sareng suling. Anjeunna jadi conto pikeun murangkalih di kasenian sunda di sakola.

Di lingkungan kulawargi di daerah Babakan Madang, anjeunna jadi sosok pamimpin kulawargi nu hebat. Masihan conto nu alus pikeun murangkalihna, sanajan jadi jalma nu bener, jujur, pinter, pikeun diterapkeun dina lingkungan masarakat.

Sanajan yuswa anjeunna tos teu ngora deui, tapi anjeunna masih sumangat gabung dina karang taruna di sakitaran bumi abdi. Anjeunna jadi tempat pikeun masihan motipasi sareng masihan aspirasi ka pamuda-pamudi karang taruna.

Aya hiji hal nu ngajadikeun abdi bangga sareng ka inspirasi kalawan anjeunna, anjeunna salawasna ngingetan abdi sanes dunia wae tapi oge ngingetan akherat. Hatur nuhun bapa, anjeun tos janteun inspirasi dina kahirupan abdi.




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline