Lihat ke Halaman Asli

Lalampahan Abah Sastra

Diperbarui: 26 Juni 2015   06:41

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Humor. Sumber ilustrasi: PEXELS/Gratisography

Abah Sastra, bapana Marhaya Banjaran, bandar samangka Majalaya

Lantaran garwana aya maksad hajat, hajat badag da nanggap wayang sagala. Abah Sastra kapaksa ngala nangka ka Majalaya, sabab aya tangkal nangka ngajajar dalapan tangkal na sawah saat. Abah Sastra mawa karanjang sabab Abah Sastra nyangka nangkana baradag sarta arasak.

Barang datang ka Majalaya Abah Sastra, kasampak tangkal nangka araya. Apan tangkal nagka mah pan tara kamana-mana. Abah Sastra gagancangan ngalacat kana tangkal nangka. Barang ngalacat kana dahan pang badagna Abah Sastra ngagakgak sastra cacalawakan ngabarakatak sabab aya gagak dan ada haphap ngarayap kana palangkakan. Lantaran Abah Sastra ajrag-ajragan, nya Abah Sastra ragrag ka handap, ragragna nangkarak ka sawah saat. Alah Abah Sastra sangsara, sabab Abah Sastra kakarayapan na sawah saatna, da lapar, hanaang. Rada lawas Abah Sastra nalangsana sawah saat, aya kana salapan ahadna.

Lantaran Abah Sastra alpa kana hajatna, da ngahaja garwana sarta tatanggana baraya-barayana marapay. Barang datang ka sawah saat, kasampak Abah Sastra aya nangkarak na sawah saat. Barayana nanya "naha abah mana gagabah ngala nangka kakalacatan sagala? Apan ngala nangka mah gantar panjang aya?" "Naha" kata Abah Sastra, "mamah kalahka nyalahkan abah". "Saha jalmana hayang sangsara cara abah ragrag ka sawah saat. Apan abah nangkarak aya salapan ahadna na sawah saat gara-gara haphap bangkawarah, haphap badag kakarayapan kana palangkakan abah. Panyangka haphap na calana abah aya barayana haphap. Pan mamah apal, na calana abah mah taya barayana haphap, ngan aya kadal badag hanca mamah", Abah Sastra ngajawab.

Lantaran panyawat Abah Sastra kasawang rada parna, nya Abah Sastra aya maksad tatamba ka Rancabadak. Rada anggang aya kana dalapan palna. Mapay-mapay sawah bras ka jalan satapak. Barang datang ka jalan aspal aya kahar. Sadatangna ka Rancabadak, Satpam nanya "wah naha kawas-kawas aya gawat, yap payang-payang kana balangkar", kata Satpam. Abah Sastra mapay-mapay kana balangkar, ka gang, sapanjang gang bras ka kamar salapan. Rada lawas tatambana ka Rancabadak, aya kana dalapan abadna.

Sadayana kadang wargana nyangka lalampahan Abah Sastra ngala nangka ka Majalaya sarta tatamba ka Rancabadak bakal panjang. Salah lalampahan Abah Sastra ngala nangka ka Majalaya sarta tatamba ka Rancabadak bakal tamat, sabab baraya-barayana Abah Sastra ngalayad ka Abah Sastrana kalahka salah ka kamar tujuh.




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline