Lihat ke Halaman Asli

Badriah

Ibu dari dua anak

Skema Gawe di Kantor

Diperbarui: 21 April 2024   08:44

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Bubur Ayam Sampurna Cianjur Jawa Barat. Sumber gambar Badriah 

"Halah kudu difoto di kantor." Kitu pok th waktu ningali aplikasi absn. Atuh niat hayang ngagolr ngararasakeun nyeri cangkng th teu jadi. Kuring kudu buru-buru indit, waktu geus jam 7.00, geus pasti absnna kabeurangan. Nya batan dianggap teu hadir,  kajeun kabeurangan w.

Biur w kana motor. Geus nunjukkeun jarak 232 meter, geus bisa difoto absn, cekrk wh ngabsn.


Kagok, terus maju w ngaliwatan lapang Joglo. Euleuh geuning ram ku nu daragang. Suganth  po  Ahad w ram ku nu daragangthh. Horng saban isuk g ram.  Meureun gaganti pasar induk anu diburak. Jadi marecenghul pasar-pasar leutik sisi jalan. Najan po ieu aya rencana rk nyieun Geco (Toge Tauco), tapi teu bula beuli nanaon, da memang teu niat. Nganiatan ti imah, arek meuli bubur Sampurna. Bubur Bojongmeron anu terkenal saalam dunya tea.

Sanggeus mesen buburna tong mak pcin, tukang bubur ngasongkeun samangkok bubur. Teu langsung didahar, diteuteup heula. Hayang apal kana bungkeuleukna bubur hayam anu kasohor th siga kumaha. Ari tina rupana mah, biasa ba,  galib jeung umumna bubur Cianjur. 

Bubur Sampurna Cianjur.  Sumber gambar Badriah 

Lantaran panasaran, deker w bubur th didahar. Ditambahan endog asin, jeung kurupuk. Rasana? Nya jajar pasar  w, imbang jeung hargana nu ngan Rp15.000.

Brs ngabubur, langsung ka pasar Bojongmron. 

Pasar Bojongmeron Cianjur.  Sumber gambar Badriah 

Pasar Bojongmeron, sarua ieu oge, pasar nu ngampar di jalan. Panan pasar nu aslina mah di Pasir Hayam, dipindahkeun sababaraha taun katukang. Ngan bjana pasar di Pasir Hayam teu pati ram.  Meureun pdah kagok, jauh ti pusat kota.
Gaganti pasar induk, nya jul jol pasar anu ngalampar mak jalan. Matak mact? Atuh komo w. Ngan pamarntah sigana peureum w. Da pasar mah atuda kabutuhan sarerea. Lamun lokasina jauh ti pusar kota, nya kaayaan ieu dimangpaatkeun ku tukang dagang nu teu boga kios, jadi bar wh ngampar di jalan.

Skma gaw di kantor nyababkeun kuring nyaho aya pasar-pasar nu ngalampar sisi jalan.  Pangalaman nu moal kasorang mun skma ngabsn kudu ti kantor. Najan saban po kaluar og,  ari usumna gaw mah, nya nyirekem di jero kantor. Upruk aprak mak baju kantor, euh ... atuh bisa ditwak,  dibawa ku Satpol PP, di panjara? Duka tah. 




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline