Lihat ke Halaman Asli

Azri Nurul

Mahasiswa PRODI PBSD (Pendidikan Bahasa dan Sastra Daerah)

Asal-usul Kampung Babakanjoho

Diperbarui: 13 Oktober 2023   05:35

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Asal-usul Babakanjoho, Kamis 10 Oktober 2023. Dokpri

Kacaritakeun Wewengkon Babakanjoho can ngabogaan ngaran, tapi pangna sok disebut Wewengkon Babakanjoho ku sabab zaman baheula di kampung eta aya tangkal joho anu kacida gede na nu ayana di belah kidul di hji lembur nu ayeuna mah ngaranna teh babakan, ku sabab di Wewengkon Babakanjoho dibagi dua bagian, aya nu disebut babakan jeung aya nu disebut peuntas, lewih tepat na mah nu ayeuna dijadikeun dapur santri gigireun bangunan sakola MTs. Kusabab lembur eta can ngabogaan ngaran ku ayana tangkal joho lembur eta di ngaranan Kampung Babakanjoho nepika kiwari.

Sajarahna numutkeun sesepuh nu aya di lembur Babakanjoho, ngaran Babakanjoho teh ngan sawareh, nyaeta ti belah nu ayeuna mah dijadikeun bangunan Madrasah Tsanawiyah kabelah kidul (Babakan) sok disebut Kampung Babakanjoho, jeung ti belah Madrasah Tsanawiyah ka belah kaler (Peuntas) mah sok disebut Kampung Babakan Domba. Sajarahna pangna sok di sebut babakan domba nyaeta loba kandang domba di sakurilingeun lembur na, tapi ayeunamah ti mimiti kidul, kaler, wetan jeung kulon dingaranan Kampung Babakanjoho.

Dina wanci harita Tangkal joho kacida badagna, dituwar ku anu mimiti ngadegkeun ieu wewengkon  nepi ka kaina bisa di jieun cowet rea/loba, cowetna dibagikeun ka kabeh masarakat nu aya di Wewengkon Babakanjoho jeng eweh masarakat anu teu kabagean eta cowet,. Anu Mimiti ngadegkeun eta Wewengkon teh nyaeta Alm.H.Oni Tabroni.

6 Pusaka di jaman baheula nu aya di Kampung Babakanjoho, Diantarana;

1. Pangancikan Alm.Nek Sarti.

2. Pangancikan Alm.Nek Icin (Haji Toha).

3. Pangancikan Alm.Mok Edoh.

4. Pangancikan Alm.Nek Mali.

5. Pangancikan Alm.H.Oni Tabroni jeung Aki Hafidz.

6. Pangancikan Alm.Nek Sholihah.

                                                                                    Sumber : Alm.Bapak.H.Ikin & Ibu Iyah.

 




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline