Lihat ke Halaman Asli

Hiji Jalmi anu Kawitna Padamel Ayeuna Tos Janten Juragan

Diperbarui: 8 Desember 2023   11:34

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

  Anjeun terang henteu naon ari rajut teh? rajut nyata karajinan anu bisa di pidamel ku panangan atawa ku mesin. Rajut ieu biasana di damel Tina benang wol. Tiasa di damel janten acuk, tas, topi atanapi nu sanesna anu tiasa di anggo. Ayeuna, abdi bad nerangkeun konveksi rajut anu aya caket rorompok abdi nyaeta konveksi rajut Pa Dadang nu Aya di daerah rawa kalong Kec. Sukaraja Kab. Bogor.

    Sateuacan ngadamel konveksi nyalira kawitna anjeuna damel heula di konveksi anu sejen. Ngawitan taun 2013, anjeuna ngadamel konveksi nyalira. Kawitna anu midamel sadayana teh anjeuna sareng istrina, lami kalamian mah ayeuna gaduh anu damel. Anu damel na teh aya 6 jalmi nu masing-masing jalmina midamel padamelan sewang-sewangan. Aya anu ngarajut kain, aya anu nyambungkeun pola kain, aya anu ngobras, aya anu masang kancing, aya anu nyetrika jeung packing.

    Produk rajut ieu biasana di ical ka tanah abang. Anu ngajajapkeun ka tanah abangna nyaeta anjeuna nyalira.Aranjeun sadayana hoyong terang teu bahan kangge ngarajutna atanapi benang na meser ti mana? yeuh dangukeun panuturan ti anu gaduh konveksina nyaeta pa Dadang 

" Abdi meser benangna ti langganan abdi nu aya di daerah Bogor."

"Bapa didieu ngadamel naon wae?"

"Didieu mung ngadamel acuk wungkul." 

203fb09268dca2fc9c950c34cdba6df5-65729c6e12d50f4eaa29b048.jpg

     Konveksi ieu gaduh cabang di daerah Depok. Kapungkur hasilna ngan tiasa kangge nyakolakeun murangkalihna ayeuna tos tiasa kangge ngabuka cabang. 

    Ieu teh mangrupakeun kisah inspiratif anu tiasa di janten keun panutan kangge urang anu bade ngalakukeun usaha sabab usaha nu dilakukeun ku sungguh-sungguh jeung tekun pasti nyandak kasaean jeung kasuksesan.




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline