Lihat ke Halaman Asli

Bunda Putri Hebat Uy!

Diperbarui: 24 Juni 2015   06:33

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Humor. Sumber ilustrasi: PEXELS/Gratisography

Riweuh sakabeh nebak-nebak, saha atuh eta awewe nu geus nyieun murka pamingpin urang teh? Biasana mah si Bapak eta teh tara murka tepi kitu, najan nagara dihina ku nagara lain  , najan loba rakyatna nu balangsak jeung katalangsara, najan loba TKW jeung TKI dihukum  teu pupuguh sarta disiksa dinagara batur tanpa alesan. Tara ngambek eta pamingpin teh, kalem we...ti’is siga cendol.

Tapi ku masalah si Bun-bun mah, hebatan uy, taluk manehna.... sakitu  karak ukur disebut wawuh!

Beu.. kacida..!

Jadi panasaran,  diem-diem Akang neangan informasi saha sabenerna si Bun-bun teh?

Ari ceuk si Atang mah si Bun-bun teh panggilan leutik eta awewe waktu keur sakola SD. Ngan ayeuna nelah jadi Bunda putri . maneh na remen  datang ka istana ukur rek purah nyeuseuh jeung teu dianggap jelema penting. Matakna tong sok marilu riweuh kecuali mun rek milu nitah nyeuseuh. Kitu cenah..

Ari ceuk Si Uce mah lain deui, Bunda Putri teh bisa jadi tukang pencet para inohong supaya teu laletoy lamun geus cape. Matak maneh na mah wawuh jeung itu jeung ieu ge ngan teu diaku babaturan lantaran gengsi.

Tapi ceuk Akang mah, nu rada bener dan mendekati kebeneran nyaeta pendapat ti neng Yayu. Kata neng Yayu mah bunda putri teh siluman yang suka  merean duit jeung proyek ka jelema. Maneh siluman khusus nu dikukut ku para inohong. siluman nu  remen ngajirim di Istana , pan  ka asup kana katagori siluman gaul.  Malah cenah , eta siluman teh sok jadi pembisik. Teuing ngabisikin nanahaon.

Tapi pendapat Neng Yayu dipatahkeun ku ceu Imas cenah “ piraku inohong gaul jeung jurig?”

Lieur aaaaah..... udud mana, udud.....??




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline