Sesah ayeuna mah kuring nyerat teh. Tema naon anu tacan digarap? Mun ditoong geus loba anu ngaguar. Rupina mah kedah ngaguar diri sorangan.
Tah perkawis ieu mah rada sesah. Sabab anu ngenal dirina tacan tangtu tiasa nuliskeun dina kalimah. Sesah, hese... keun bae sina ngancik bae dina diri; sugan jeung sugan isuk jaganing geto tiasa dibeberkeun sareng dibewarakeun. Keun atuh diri ieu bae anu cumarita, keun bae uing hungkul anu ngaguluyur.
Ah, ulah hariwang. Diri mah ngan kari tunggul. Diri mah kari ucul. Anu kedah janten hariwang mah jaganing isuk. Urang tiasa henteu nyorang jalan anu kacida abotna; ka akherat anu pasti kaalaman.
Eta saur ajengan anu dumasar kana kitab jeung dawuh Nabi katut ulama.
Duka teuing atuh aslina mah. Ngan tangtos bakal kaalaman. Kuring yakin dina sual ieu. Ngan Allah Ta'ala hungkul anu terang. Katut Rasul-Na anu mulya Kangjeng Nabi Muhammad saw.
Kusabab kuring mah henteu terang, henteu gaduh kanyaho komo elmuna. Ngan ukur taqlid jeung nuturkeun anu ahlina, diantawisna para guru anu gelarna ulama.
Ditaqlidan teh kusabab aranjeuna nuturkeun ulama. Ulama anu ditumutna oge taqlid ka ulama-ulama anu awwalun anu kocoran elmuna dugi ka para sohabat jeung ahlulbaet Nabi Muhammad Saw.
Tah dina ieu perkara, simkuring percanten anu dugi (alatan ngaji atanapi maosan kitab) nyaeta elmu pangaweruh anu saestuna mah aya kocoran elmu ti Kangjeng Nabi.
Sampurna jeung henteuna pasualan lain anu kedah diaji jeung talungtik deui make elmu.
Dina sual nalungtik ieu mah sapertos kuring neang kurung, anu tepang teh si kuring. Sapanjang neang kuring, anu panggih kurung deui. Sapanjang ngajugjug kulon, geuning wetan deui wetan deui. Kitu oge mun ngajorag wetan kalah panggih jeung kulon. Henteu panggih tungtung. Dunya mah kitu anu karasa jeung kaalaman kuring dugi kiwari.
Naon atuh anu kedah dijorag? Anu kedah janten udagan kuring jeung sakabeh manusa? Tah sual ieu kuring henteu ngartos. Sabab ngan ukur maca. Ngan ukur beja jeung euceuk.