Lihat ke Halaman Asli

Ahmad Sahidin

Alumni UIN SGD Bandung

Mencintai Keluarga Nabi, Bekal Menuju Surga

Diperbarui: 24 November 2018   20:05

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Humaniora. Sumber ilustrasi: PEXELS/San Fermin Pamplona

Alhamdulillah rengse oge maos buku. Kandelna 306 kaca buku anu diaos, jejerna "Mencintai Keluarga Nabi: Bekal Menuju Surga". Diseratna ku KH. R. Abdullah bin Nuh, ulama Sunda anu ngaku mazhabna Ahlussunnah golongan Syafiiyah. Anjeuna katelahna ahli widang tasawuf, anu narjamahkeun kitab Minhajul Abidin yasana Abu Hamid Al-Ghazali. 

Kiai Abdullah bin Nuh gaduh pasantren Ihya Ulumuddin di Bogor. Seueur karya tulisna, malihan disebatkeun kantos tepang sareng Imam Khumaini hiji ulama ti Iran anu ngadamel Republik Islam Iran. Kiwari nami Abdullah bin Nuh janten jalan di Cianjur.

Buku anu diaos ku simkuring teh dipurak ku panganteur ku Al-Hamid Al-Husaini, ulama turunan Yaman anu bukuna seueur ngabahas perkawis kulawargi Rasulullah saw.

Cocog pisan, buku perkawis kulawargi Rasulullah saw dipapaes ku ahlina. Tangtos tambih kiat na guaran-guaran ngeunaan Ahlulbait Rasulullah saw.

Eusi buku teh kawilang sistematis jeung togmol kana jejer. Aya guaran perkawis hartos Ahlulbait, Ali Muhammad, Al-Qurba, Al-Mawaddah, Al-Kisa, Tsaqalain, sareng tafsir surah Al-Fathir. Tangtos aya tafsir Al-Ahzab ayat 33 anu diguarna munggaran sabada nerangkeun Imam Husain dugi perlaya di Karbala. 

Malihan kautamian Ali bin Abu Thalib, Fathimah Azzahra, Hasan sareng Husain, diguarna make hadis-hadis anu seueurna dicandak ti riwayat Ahlussunnah.

Anu langkung menarik simkuring dina buku ieu, Kiai Abdullah bin Nuh nyutat hadis kautamian Ahlulbait ti Syaikh Ibnu Taimiyyah.

Sihoreng Ibnu Taimiyyah oge nganjurkeun urang Islam supados micinta Ahlulbait. Janten sanes urang Islam anu mazhab Syiah hungkul anu cinta Ahlulbait, urang Ahlussunnah oge cinta Ahlulbait.

Saena langsung bae maos bukuna. Insya Allah nambih pangaweruh agama Islam sareng bakal terang sajarah kulawargi Rasulullah saw. Cag. *** [ahmad sahidin]




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline