Lihat ke Halaman Asli

Kehed

Diperbarui: 25 Juni 2015   04:00

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Sosbud. Sumber ilustrasi: KOMPAS.com/Pesona Indonesia

Dina hiji poe, Uing jeung babaturan rek ulin ka imah babaturan nu lain di desa tatangga. Kebenaran, saacan nyampe imah batur nu rek diulinan teh, kudu ngaliwatan jalan gang, anu mung cukup kanggo beca hiji.

Basa Uing jeung batur rek ngaliwat, aya ririungan barudak ngora, umur 20 tahunan. Rumasa Urang mah bangsa timur, jadi kudu boga sopan santun, nya eta ngucapkeun ‘punten’  pas ngaliwatan maranehanna.

“Punten A, ngiring ngalangkung” ceuk Uing ka eta rariungan teh.

Nying, geuning euweuh nu ngajawab. Beneran, euweuh nu ngajawab ti lima barudak teh. Padahal Uing ngomongna standar, kadenge lah yakin ku maranehana.

“Euweuh nu ngajwab nya?” Ceuk Batur Uing nu teu ngadenge eta rariungan ngajawab

“Heeuh”  ceuk Uing bari nuluykeun leumpang. Tilu menitan saprak ngaliwatan rariungan, urang nyampe ka imah nu dituju.

“Aing meuli udud heula nya,” ceuk batur Uing nu tadi bareng tea

“Heueuh, sakalian meuli kopi nya” jawab Uing

Teu lila ti batur Uing ngoloyong meuli udud, ujug-ujug kadenge suara ribut. Asa kenal ka eta suara, Uing jeung babaturan anu budak dinya ngajugjug ka tempat parasea eta

“Nying, eta budak nanahaan nyien masalah” ngaharewos Uing, pas nempo ternyata baturan Uing keur umbak-ambek ka budak anu tadi ngariung

“Monyet sia teh nya.. Anying Sia teh. Aing ‘punten’ tilu kali euweuh nu ngajawab. Ai Sia sakola teu kehed?” ceuk batur Uing harepuen eta barudak teh

“Heh nanoan maneh? enggeus  buru ka imah,,, urang ngopi,” ceuk Uing ka eta baturan teh..

Tuluy Urang tiluan ngaloyong ka imah batur tea.

“Maneh nanahaan? Maneh wani kitu mun eta barudak ngalawan?” ceuk Uing saengeusna di imah

“Teu.. teu wani... asal ngegos weh” ngajawab bari cengar-cengir eta babaturan teh

“Blegug teh”ceuk Uing bari ngdugulkeun hulu c balad tea




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline