Lihat ke Halaman Asli

Atep Yogaswara

Menulis adalah ungkapan rasa

Pangauban Kawih Sunda Sekar Kawinayan Purwakarta: Latihan Pupuh

Diperbarui: 23 Oktober 2021   11:24

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Foto: Dokumentasi Pribadi

Sampurasun

Purwakarta. Saptu,23/10/2021. Pangauban Kawih Sunda Sekar Kawinayan Purwakarta, nu dipingpin ku H. Ade Suryadin, S.Pd, M.Pd. Gawe bareng jeung MGMP Basa Sunda Purwakarta, nu dipupuhuan ku Achmad Sopian Effendi,M.Pd.Dinten saptu ieu ngayakeun latihan pupuh kanggo parasiswa SD jeung SMP. Kagiatan ieu dirojong ku Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Purwakarta, Dr. H. Purwanto. Salajengna oge dihadiran Hj. Onih, seniman Sunda Purwakarta, ais pangampih pangauban tur diwuwuh ku Dr. Indra Budiman, dosen UNSIKA, nu mikayaah tur mikareueus kana kawih Sunda.

"Dina raraga ngolah daya tur miara ajen budaya, salajengna mugia Kawih Sunda dipiboga kalayan dipikaresep masyarakat Sunda, pikeun ngahontal Kawih Sunda kudu jadi pribumi di tempat lahirna (sarakanana), dipiboga ku urang Sunda dimana wae ayana, jadi tameng pangaruh budaya asing nu teu mangpaat sarta teu luyu jeung kapribadian urang Sunda", ceuk H.Ade Suryadin, S.Pd,M.Pd.

Foto: Dokumentasi Pribadi


Pangauban Kawih Sunda Sekar Kawinayan Purwakarta ngabagi jirangan latihan pupuh. Latihan tabuh 09.00 - 11.30 kanggo SD. Tabuh 12.30 - 15.00 kanggo SMP. Midangkeun latihan Pupuh Pucung kanggo SD (Istri/Pameget). Pupuh Mijil kanggo SMP (Istri/Pameget).

Tempat latihan di sekretariat Pangauban Kawih Sunda Sekar Kawinayan.Alamat Desa Citalang, Kec. Purwakarta, Kabupaten Purwakarta, Jawa Barat 4111.
Teu hilap Protokol kasehatan tetep dijalankeun, utami kedah nganggo masker, ngajaga anggang sareng wawasuh panangan.

Cag!
Kang Yoga




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline