Lihat ke Halaman Asli

Atep Yogaswara

Menulis adalah ungkapan rasa

Gigireun Griya Mutiara 2

Diperbarui: 14 Agustus 2021   07:52

Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

Puisi. Sumber ilustrasi: PEXELS/icon0.com

Fikmin
GIGIREUN GRIYA MUTIARA 2

Mungguh hirup di dunya senang jeung sedih pinansti panggih. Mangsa sasalad covid-19 , der tarif tol, kacang kadélé, daging sapi jeung daging domba undak. Bingung teu manggih tungtung dunya asa poék.

Poé ahad kuring miang rada melang sieun teu hasil nu dimaksud.  Jauh dijugjug anggang ditéang ari rék nginjem duit mah. Da rada melang téa kuring nikreuh harepan téh hasil, balik mah bisa naék ojég.
Dasar keur goréng milik, pas  anjog ka tujuan nu boga imah keur ka Bandung, teu ngajodo rék  nginjem duit téh.
Balik mah wayahna nikreuh deui da teu boga duit jang mayar ojég.
 Kapegat magrib téh tacan aya saparapat lalampahan. Breg hujan, palebah Situ Cigangsa. Mangkaning langit poék pisan. Untungna téh aya jongko kosong, najan ukur sacaang-caangna lampu di jalan. Gura-giru nyimpang, da mun maksakeun huhujanan mah horéam ku tirisna sieun asup angin. Karérét di jongko peuntas, sarua aya nu keur ngiuhan. Aya batur ning. Hantem diteges-teges. Ah, inget ayeuna mah, urang Campaka anu sataun ka tukang ngereles bari ninggalkeun hutang. Sakitu remen ditétéangan, naha da teu kapanggih raratanana.
Meungpeung panggih, mending sampeurkeun, hayang apal jajawabanana.
Kawasna manéhna terus rasa, da barang gok terus babalieuran, padahal tacan dipokkeun ngeunaan hutang.
“Di mana ayeuna linggih téh?”
“Gigireun Perum Griya Mutiara 2 ,” témbalna, tiis.
“Apan di dinya mah can taya lembur,” cekéng téh. Da jeung enyana, ti baréto dugi kiwari gé pajaratan gedé, hancengan pikeun warga désa rw 02 jeung rw 08. Asa teu kungsi kacatur di dinya aya nu ngadegkeun  imah da.
“Mémang taya lembur,” pokna bari nyéréngéh—paromanna asa anéh.
“Jadi …?” céngtéh— asa muringkak bulu punduk.
Manéhna unggeuk.
Gajleng waé.  Deregdeg lumpat satakerna  Geuning nu tepung téh jurigna. Paingan asa béda rasana.

___---------
Kang Yoga
Purwakarta.220121.
**

Baca konten-konten menarik Kompasiana langsung dari smartphone kamu. Follow channel WhatsApp Kompasiana sekarang di sini: https://whatsapp.com/channel/0029VaYjYaL4Spk7WflFYJ2H




BERI NILAI

Bagaimana reaksi Anda tentang artikel ini?

BERI KOMENTAR

Kirim

Konten Terkait


Video Pilihan

Terpopuler

Nilai Tertinggi

Feature Article

Terbaru

Headline