Mohon tunggu...
Kang Ahsa
Kang Ahsa Mohon Tunggu... lainnya -

pembaca buku

Selanjutnya

Tutup

Humaniora

Kang Jalal, Ulama Kiwari di Tatar Sunda

16 Mei 2013   13:23 Diperbarui: 24 Juni 2015   13:29 874
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.

[caption id="attachment_243705" align="alignleft" width="225" caption="Kang Jalal berpidato di depan Presiden Iran Ahmadinejad dalam sebuah konferensi di Iran."][/caption] Saha ari K.H.Jalaluddin Rakhmat? Anjeuna tenarna disebat Kang Jalal. Ahli komunikasi, da’i, sareng cendekiawan Islam anu geus loba nulis buku. Langkung ti 40 judul anu geus ditulis. Dina jurnal atawa koran mah jigana geus ratusan artikel sareng puluhan kali diwawancara ku TV, radio, online, jeung sajabana. Salian ngajar di universitas, oge sok ngersakeun ngeusi pangaosan di Masigit Al-Munawwarah, jalan kampus babakan sari kiara condong Bandung. Kang Jalal pituin urang Sunda. Lahirna di Bojongsalam Rancaekek, Kabupaten Bandung, Jawa Barat. Putra lurah sareng ambuna ustadzah anu unggal maghrib nuju alit sok ngawuruk maca kitab koneng. Dugi kiwari Kang Jalal tiasa maca kitab-kitab Islam anu ngangge basa Arab dugi basa Parsi. Kitu deui kitab anu diseratna dina basa Inggris sareng Walanda mah geus teu kedah dicatur. Cobian bae ameung ka bumina. Lomari tepas imahna reumpeug ku kitab sareng buku anu wedalan sareng basana ngangge basa asing. Salian nyantri di pasantren, Kang Jalal sakola dugi S-3. Ginding, ti Ustrali doktorna teh. Anjeuna disebat pelopor elmu komunikasi di Universitas Padjajaran Bandung. Jigana ampir sadaya mahasiswa sareng dosen anu ngawulang elmu komunikasi mah make buku-buku anu diserat Kang Jalal. Hususna di widang elmu komunikasi. Malihan doktor agama ayeuna keur dikeureyeuh sarta sakeudap deui rengse. “Kantun sidang,” saur Kang Jalal. Dina unggal taun sok diulem ka luar nagari keur konferensi atawa seminar. Anu biasa mah ka Iran. Anjeuna disebat ulama Indonesia. Teu sabaraha lila kamari Kang Jalal diulem konferensi ulama Islam sadunya di Iran. Teras aya fotona nuju sasalaman sareng ulama Iran. Kantos oge disuhunkeun pidato payuneun Presiden Ahmadinejad. [caption id="attachment_243706" align="alignleft" width="341" caption="Ayatullah Ali Khamenei (Iran) bersalaman dengan KH Jalaluddin Rakhmat (Indonesia)"]

1368685318641707438
1368685318641707438
[/caption] Kang Jalal numutkeun abdi mah kawas ulama kapungkur. Ulama ti Tatar Sunda anu kantos ka luar nagari sarta tenar teh di antarana: Nawawi Albantani, Hasan Mustopa, Abdullah bin Nuh, jeung sajabana. Kiwari mah jigana anu kasebat ulama anu tenar sadunya pituin urang Sunda....  nya Kang Jalal.

Mohon tunggu...

Lihat Konten Humaniora Selengkapnya
Lihat Humaniora Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun