Mohon tunggu...
Inin Nastain
Inin Nastain Mohon Tunggu... lainnya -

Nikotin, Kafein, http://atsarku.blogspot.co.id/

Selanjutnya

Tutup

Olahraga

Sib, Iraha Rek jadi Pangeran dai?

17 November 2013   10:04 Diperbarui: 24 Juni 2015   05:03 153
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
1384657387423348150

[caption id="attachment_292767" align="alignleft" width="300" caption="http://www.facebook.com/kekey.zakaria.568"][/caption] “Eleuh-eleuh.. Maneh... Isuk-isuk geus ngalamun kitu? Kahade siyah, kaasupan jurig. Mending Jurigna nu nyamar jadi es-pe-ge mah, geulis,” ujug-ujug c Mang Darma ntos aya gigireun Mang Kemod anu keur ngahuleng, duka ngahulenan naon.

“Ih  si Mamang, ngagetan wae. Ti mana Mang? Kadiyeu atuh calik Mang, ngopi,” jawab Mang Kemod, bari jeung ngageser bujur, mere tempat ka Mang Darma na amben anyar.

“Kunaon atuh maneh teh, isuk-isuk geus ngalamun kitu,” ceuk Mang Darma, bari ngenyot Garcok sesa keur peuting ngaronda.

“Lain Mang, Uing teh sok sakapeung kapikiran. Kira-kira iraha Persib ngajago dai nya? Jiga zaman baheula, traganna si Mang Kekey, Mang Sutiono, Mang Robby, Mang Anwar Sanusi. Geuning geus lila nya teu juara teh. Ti Uing masih SD, nepikeun ayeuna ntos sababaraha kali di-PHK ti pabrik, can juara dai,” ceuk Mang Kemod sembari ngenyot udud.

“Njrittt, maneh uduna pilter euy? Jiga abah Indra Tohir geuning? Maok ti mana maneh eta udud?” diajak ngomong sarius, si mang Darma malah hereuy.

“si Mamang mah malah hereuy geuning. Meuang pamere ti Bi Euis Mang, kamari dipiwarang ngahadean ledeung. Eh pas ntos rengse teh dipasihan Djarum geuning sabungkus,” jawab Mang Kemod bari ngabuleudkeun baham, ngarah kebul nu kaluar na ngabentuk gambar LOVE.

“He’euh Mod.. Uing oge sok araraneh.. Padahal nya, eta pamaen harade, duit oge teu kurang lah, mantak ge wani mareuli pamaen aralus, boh ti nagara urang sorangan atawa ti nagara luar,” ceuk Mang Darma ngingiluan nga-LOVE-keun kebul udud Garcokna.

“Uing sok kapikiran kiyeu Mang. Ulah-ulah duit nu loba eta jadi salah sahiji panyebab Persib teh jeblok Mang. Mumpung keur se’eur artos, jadi weh hayeuh mareuli pamaen. Unggal ganti musim, ganti pamaen oge. Jadi, nu musim saacanna geus mulai katingali rek padu, gara-gara balad na ganti, jadi weh nol dai. Da ceuk Uing mah nya Mang, sahebat-hebat na pamaen, mun balad na anyar dai, kekeuh teu bisa langsung atreup, kudu aya proses dai, adaptasi ceunah mun ceuk urang nu caralik di Gedung Sate mah,” ceuk Mang kemod sumangat.

“Cik weh ku Mang tingali. Pamaen-pamaen anyar Persib, sok sanajan di tim saacanna bagus, pas asup ka Persib mah, jadi teu sabagus di tim saacanna. Ku naon? Ku lantaran, da atuh ngaranna jelema Mang, kudu aya adaptasi dai. Teu ujug-ujug atreup. Kitu lain,” ceuk Mang Kemod dai.

“Coba ku Mang inget-inget, baheula keur zamanna awal-awal aya men bal na tipi, pamaen Persib ntos sababaraha musim, masih loba pamaen lila na. Jadi pan Mang Kekey jeung Mang Sutiono beuki alus ti musim ka musim teh. Kitu oge Mang Robby jeung Mang Anwar Sanusi, asa kompak pisan ningali na teh. Ku Mang Robby dileupas, Mang Anwar ntos siap-siap nguduag bal, kitu oge sabalikna. Pas ayeuna mah pan, aduhhh, meuni asa kumaha kitu,” ceuk Mang Kemod dai.

“Salain eta, ceuk Mang mah, rasa ngagaduhan kana tim ntos kirang Mod. Muhun sih, ayeuna zaman bisnis, tapi pan asa teu kudu ngagadekeun rasa ngagaduhan eta. Terus oge, ti pihak management na oge, mun bisa mah langkung ditingkatkeun dai, ngarah kabisa pamaen teh bisa digeroh tur rasa ngagaduhanna ageung, sapartos zaman harita,” ceuk Mang Kemod bari kokoratak, neang udud.

“Udud mana euy? Geuning ntos tinggal bungkus na hunkul Mang,” celetuk Mang Kemod saatos bungus nu aya di gigireun geus kosong.

“Iyeu, tinggal satengah Mod. Setengan wae atuh nya,” jawab Darma seuri pikasebeleuan.

Mohon tunggu...

Lihat Konten Olahraga Selengkapnya
Lihat Olahraga Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun