Pinasti Kasorang
Karya Kang Yoga
Aya mangsana hujan
Aya mangsana halodo
Tiis jeung panas
Pinasti kasorang
Mangsa ngijih
Pare hese garing
Mangsa panas
Hese cai
Hideung bodas
Nyacas atra
Moal pahili
Moal paala-ala
Jodo bagja pati
Papasten ti Gusti
Pinasti kasorang
Najan hat teu kapilire
Purwakarta,2112021.
Follow Instagram @kompasianacom juga Tiktok @kompasiana biar nggak ketinggalan event seru komunitas dan tips dapat cuan dari Kompasiana
Baca juga cerita inspiratif langsung dari smartphone kamu dengan bergabung di WhatsApp Channel Kompasiana di SINI