Mohon tunggu...
Ludy Suksmadhi
Ludy Suksmadhi Mohon Tunggu... karyawan swasta -

dongo'

Selanjutnya

Tutup

Sosbud

Bandung Bolong! (Sunda Version)

30 April 2013   11:22 Diperbarui: 24 Juni 2015   14:22 87
+
Laporkan Konten
Laporkan Akun
Kompasiana adalah platform blog. Konten ini menjadi tanggung jawab bloger dan tidak mewakili pandangan redaksi Kompas.
Lihat foto
Sosbud. Sumber ilustrasi: KOMPAS.com/Pesona Indonesia

Kagoda ku rasa sono kana tutulis makè basa Sunda di Kompasiana ....                                 sugan jadi gaya   Cul budak cul pamajikan bakating ku hayang nulis makè basa sunda najan loba kènèh nu teu ngarti batan anu ngarti, padahal sarua bongbolangan mah ti tatar Sunda. Keun wè nu teu ngarti mah matak maca ogè aya kahayang keur ngarti (mèh ngarti lamun keur dioomongkeun ku urang sunda   ) Kè heula nya aya sakolèpat inpo yeuh .... sim kuring asli turunan ti beulah kulon atawa panungtungan pulau jawa .. (sugan bisa neguh lah), ngan nyicingan bandung geus heubeul. Dina danget ieu sim kuring ku hayang2na ngocèhkeun ka'ayaan lemah cai tèrè (Bandung) nu katingalina asa beuki pakusut ku sarupaning permasalahan sosialna. Hiji conto anu ka'alaman sapopoè, naha keur indit ka pagawèan atawa keur ngencar jeung anak pamajikan. Nyaèta ku lobana liang sapaparat jalan nu diliwatan unggal poè, lamun tèa dulur lain urang Bandung heug jalan-jalan di Bandung abong lamun teu bisa manggih liang di jalan anu sabenerna mah teu kudu aya. Longok tah hay wèyna kota Bandung nyaèta By Pass (Soeta), teu sagawayah èta liang pabalatakna nya ogè leutik tapi nyeureud (maksudna mah leutik tapi jero !). Keur anteng2na ngabecir ngabelesat makè motor atawa makè mobil ujug2 lol aya liang dihareupeun... naaa maenya kudu ngadadak nyingcet kitu? heuuh da' lain palèntino rosi sim kuring tèh... Jadiii wè lalaunan di hay wèy tèh. Atuh lain hay wèy deui meureun ari kudu lalaunan mah, geus wè jadi low wèy nya? Lain èta wungkul jalan anu rangsak teh, pabalatak matak genah dipakè oprod lah. Lamun nyarita kana karugian ku lobana liang di jalan tèh nu ka irong ku sim kuring mah nyaèta : 1. lalu lintas jadi remen ku macèt, nya mobil nya motor ngajalankeun siga keor kabeh 2. nya mobil nya motor matak gancang ruksak ban jeung pèlek tèh 3. nu puguhna mah hareupeun irung picilakaeun loba pisan. Jadi kumaha tah ? .......  Pajak anu ku sim kuring dibayarkeun unggal bulan unggal taun teh dikamanakeun atuh???? Naha meunang kitu ngabolaykeun pajak nu geus dibayar? Ayeuna ayeuna keur ramè nyanghareupan pilwalkot cirining walikota nu aya ayeuna tèrèh dipangsiunkeun ! Naha pèdah tèrèh pangsiun jadi harè2 kana kawajiban kitu? Paribasa anggaran can turun ! Paribasa èta jalan propinsi ! Kahayang mah heug ngobrol pemkot jeung pemprop teh atuuuh.... Dumasar kana kabiasaan bangsa urang mah nya, sigana ku kabiasaan bangsa urang makè istilah "Swadaya" nyaèta nu (contona) sagalana rèrèongan / udunan lamun ngomèan jalan (pangpangna di komplèk) jadi wè pamarentah ogè boga pola pikir "antep lah engkè oge masarakat mah udunan ngomèan sorangan" Taah jadi keur sim kuring mah tungtungna mikir... tong aya deui swadaya swadaya'an lah, matak kangeunahan pamarèntah nu boga kawajiban ! Hayoh wè urang2 udunan ngomean jalan ari maranèhna (pajabat) kangeunahan mikiran kompanyeu tèa boborot anggaran keur "kunker" tèa jeung sajabana anu teu penting keur rahayat ! Pikir pikir ngeunaheun ogè jaman mang ato nya? (Alm. Soeharto) ..... pilgub pilwalkot pilbup jeung sajabana rahayat mah tarima beres jeung teu dibarengan ku ribut tinu èlèh ! irit duit ongkoh teu kudu aya biaya ieu itu keur KPU/KPUD dina hajatan pil pilan kitu ! Repormasi tèh geuning pi'omongeun nya? Apal teu hasil Repormasi ayeuna siga kumaha? 1. Pajabat beunghar kadon beuki beunghar 2. Pajabat euweuh kasieun ngalakonan korupsi 3. Jelema bisa ngomong sakarepna teu paduli kasopanan 4. Jelema meunang ruruksak lamun dilakonan ku lobaan (anarki) 5. Rahayat jeung pajabat teu ajèn ka pingpinan 6. Paribasa "Wakil Rakyat" ..... prett lah nu puguh mah "beunghar boga sia miskin mah milik aing !" Nyaa ? ... jadi wè kamana mendi nyarita tèh tinu jalan ruksak tepi ka ngomongkeun pajabat? Cag dugi kadieu lur.... Hampura nu kasuhun lamun dina basa nu ku sim kuring pakè rada teu puguh ..... leurning bay duing   

Mohon tunggu...

Lihat Konten Sosbud Selengkapnya
Lihat Sosbud Selengkapnya
Beri Komentar
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE

Belum ada komentar. Jadilah yang pertama untuk memberikan komentar!
LAPORKAN KONTEN
Alasan
Laporkan Konten
Laporkan Akun